Supaya tulisan di handap teu kabaca kotak-kotak, download heula font sunda unicode, terus installkeun. Carana klik di dieu
A. AKSARA NGALAGENA
Aksara ngalagena téh lamun dina aksara latén mah minangkana aksara konsonan. Aksara ngalagena jumlahna aya 23, satiap aksara ngalagena, aslina ngabogaan vokal a. Pikeun ngarobah vokal a tina aksara ngalagena, dirobah ku mangrupa-rupa rarangkén anu jumlahna aya 13.
Aksara ngalagena dina aksara sunda anu dibakukeun téh nyaéta saperti di handap ieu
ka = ᮊ |
qa = ᮋ |
ga = ᮌ |
nga = ᮍ |
ca = ᮎ |
ja = ᮏ |
za = ᮐ |
nya = ᮑ |
ta = ᮒ |
da = ᮓ |
na = ᮔ |
pa = ᮕ |
fa = ᮖ |
va = ᮗ |
ba = ᮘ |
ma = ᮙ |
ya = ᮚ |
ra = ᮛ |
la = ᮜ |
wa = ᮝ |
sa = ᮞ |
xa = ᮟ |
ha = ᮠ |
B.VOKAL MANDIRI
Salian aksara ngalagena, aya ogé nu disebut aksara vokal mandiri
a = ᮃ |
i = ᮄ |
u = ᮅ |
é = ᮆ |
o = ᮇ |
e = ᮈ |
eu = ᮉ |
Conto ngalarapkeun vokal mandiri nyaeta dina kecap:
adi |
= |
ᮃᮓᮤ |
ina |
= |
ᮄᮔ |
ulun |
= |
ᮅᮜᮥᮔ᮪ |
éman |
= |
ᮆᮙᮔ᮪ |
otong |
= |
ᮇᮒᮧᮀ |
ema |
= |
ᮈᮙ |
euis |
= |
ᮉᮄᮞ᮪ |
C. RARANGKéN
Rarangkén dina aksara Sunda baku téh aya 13 rupa, kayaning: panéléng, pamepet, paneuleung, panghulu, panolong, panyuku, pamaéh, pangwisad, panglayar, pamingkal, panyiku, panyecek, jeung panyakra.
1. Panéléng, fungsina pikeun ngarobah sora aksara ngalagena tina a jadi é. Ditulis di hareupeun aksara ngalagena.
| conto | diwangun ku aksara ngalagena | hasil akhir |
cécé |
ca ᮎ ca ᮎ |
ᮎᮦᮎᮦ |
néké |
na ᮔ ka ᮊ |
ᮔᮦᮊᮦ |
kélék |
ka ᮊ la ᮜka ᮊ |
ᮊᮦᮜᮦᮊ᮪ |
méléngé |
ma ᮙ la ᮜnga ᮍ |
ᮙᮦᮜᮦᮍᮦ |
2. Pamepet, fungsina pikeun ngarobah sora aksara ngalagena tina a jadi e. Ditulis di luhureun aksara ngalagena.
| conto | diwangun ku aksara ngalagena | hasil akhir |
bekel |
ba ᮘ ka ᮊ la ᮜ |
ᮘᮨᮊᮨᮜ᮪ |
derep |
da ᮓ ra ᮛ pa ᮕ |
ᮓᮨᮛᮨᮕ᮪ |
peledek |
pa ᮕ la ᮜ da ᮓka ᮊ |
ᮕᮨᮜᮨᮓᮨᮊ᮪ |
kerep |
ka ᮊ ra ᮛ pa ᮕ |
ᮊᮨᮛᮨᮕ᮪ |
3. Paneuleung, fungsina pikeun ngarobah sora aksara ngalagena tina a jadi eu. Ditulis di luhureun aksara ngalagena.
| conto | diwangun ku aksara ngalagena | hasil akhir |
seuneu |
sa ᮞ na ᮔ |
ᮞᮩᮔᮩ |
deukeut |
da ᮓ ka ᮊta ᮒ |
ᮓᮩᮊᮩᮒ᮪ |
beureum |
ba ᮘ ra ᮛ ma ᮙ |
ᮘᮩᮛᮩᮙ᮪ |
beubeur |
ba ᮘ ba ᮘ |
ᮘᮩᮘᮩᮁ |
4. Panghulu, fungsina pikeun ngarobah sora aksara ngalagena tina a jadi i. Ditulis di luhureun aksara ngalagena.
| conto | diwangun ku aksara ngalagena | hasil akhir |
bibi |
ba ᮘ ba ᮘ |
ᮘᮤᮘᮤ |
siti |
sa ᮞ ta ᮒ |
ᮞᮤᮒᮤ |
hiji |
ha ᮠ ja ᮏ |
ᮠᮤᮏᮤ |
kiripik |
ka ᮊ ra ᮛ pa ᮕka ᮊ |
ᮊᮤᮛᮤᮕᮤᮊ᮪ |
5. Panolong, fungsina pikeun ngarobah sora aksara ngalagena tina a jadi o. Ditulis di tukangeun aksara ngalagena.
| conto | diwangun ku aksara ngalagena | hasil akhir |
toko |
ta ᮒ ka ᮊ |
ᮒᮧᮊᮧ |
dodol |
da ᮓ da ᮓ la ᮜ |
ᮓᮧᮓᮧᮜ᮪ |
boboko |
ba ᮘ ba ᮘ ka ᮊ |
ᮘᮧᮘᮧᮊᮧ |
moro |
ma ᮙ ra ᮛ |
ᮙᮧᮛᮧ |
6. Panyuku, fungsina pikeun ngarobah sora aksara ngalagena tina a jadi u. Ditulis di handapeun aksara ngalagena.
| conto | diwangun ku aksara ngalagena | hasil akhir |
suku |
sa ᮞ ka ᮊ |
ᮞᮥᮊᮥ |
buku |
ba ᮘ ka ᮊ |
ᮘᮥᮊᮥ |
kurupuk |
ka ᮊ ra ᮛ pa ᮕ ka ᮊ |
ᮊᮥᮛᮥᮕᮥᮊ᮪ |
dudukuy |
da ᮓ da ᮓ ka ᮊ ya ᮚ |
ᮓᮥᮓᮥᮊᮥᮚ᮪ |
7. Pamaéh (᮪), fungsina pikeun ngaleungitkeun sora tungtung atawa sora vokal dina aksara ngalagena. Ditulis di tukangeun aksara ngalagena.
| conto | diwangun ku aksara ngalagena | hasil akhir |
iteuk |
i ᮄ ta ᮒ ka ᮊ |
ᮄᮒᮩᮊ᮪ |
pendul |
pa ᮕ na ᮔ da ᮓ la ᮜ |
ᮕᮨᮔ᮪ᮓᮥᮜ᮪ |
habek |
ha ᮠ ba ᮘ ka ᮊ |
ᮠᮘᮨᮊ᮪ |
baréd |
ba ᮘ ra ᮛ da ᮓ |
ᮘᮛᮦᮓ᮪ |
8. Pangwisad (ᮂ), fungsina pikeun nambahkeun sora h di tungtung aksara ngalagena. Ditulis di tukangeun aksara ngalagena.
| conto | diwangun ku aksara ngalagena | hasil akhir |
ulah |
u ᮅ la ᮜ |
ᮅᮜᮂ |
nikah |
na ᮔ ka ᮊ |
ᮔᮤᮊᮂ |
bobotoh |
ba ᮘ ba ᮘ ta ᮒ |
ᮘᮧᮘᮧᮒᮧᮂ |
talatah |
ta ᮒ la ᮜ ta ᮒ |
ᮒᮜᮒᮂ |
9. Panglayar, fungsina pikeun nambahkeun sora r di tungtung aksara ngalagena. Ditulis di luhureun aksara ngalagena.
| conto | diwangun ku aksara ngalagena | hasil akhir |
ubar |
u ᮅ ba ᮘ |
ᮅᮘᮁ |
buyur |
ba ᮘ ya ᮚ |
ᮘᮥᮚᮥᮁ |
liar |
la ᮜ a ᮃ |
ᮜᮤᮃᮁ |
darta |
da ᮓ ta ᮒ |
ᮓᮁᮒ |
10. Pamingkal ( ᮡ), fungsina pikeun nambahkeun engang ya. Ditulis di handapeun aksara ngalagena.
| conto | diwangun ku aksara ngalagena | hasil akhir |
gebyar |
ga ᮌ ba ᮘ |
ᮌᮨᮘᮡᮁ |
hyang |
ha ᮠ |
ᮠᮡᮀ |
wyata |
wa ᮝ ta ᮒ |
ᮝᮡᮒ |
dyah |
da ᮓ |
ᮓᮡᮂ |
11. Panyiku, fungsina pikeun nambahkeun engang l. Ditulis di handapeun aksara ngalagena.
| conto | diwangun ku aksara ngalagena | hasil akhir |
semplak |
sa ᮞ ma ᮙ pa ᮕ ka ᮊ |
ᮞᮨᮙ᮪ᮕᮣᮊ᮪ |
mémblé |
ma ᮙ ma ᮙ ba ᮘ |
ᮙᮦᮙ᮪ᮘᮣᮦ |
taplak |
ta ᮒ pa ᮕ kaᮊ |
ᮒᮕᮣᮊ᮪ |
semplék |
sa ᮞ ma ᮙ pa ᮕ ka ᮊ |
ᮞᮨᮙ᮪ᮕᮣᮦᮊ᮪ |
12. Panyecek, fungsina pikeun ngarobah sora tungtung jadi ng. Ditulis di luhureun aksara ngalagena.
| conto: | diwangun ku aksara ngalagena | hasil akhir |
hayang |
ha ᮠ ya ᮚ |
ᮠᮚᮀ |
gedang |
ga ᮌ da ᮓ |
ᮌᮨᮓᮀ |
lahang |
la ᮜ ha ᮠ |
ᮜᮠᮀ |
cicing |
ca ᮎ ca ᮎ |
ᮎᮤᮎᮤᮀ |
13. Panyakra, fungsina pikeun nambahkeun engang ra. Ditulis di handapeun aksara ngalagena.
| conto | diwangun ku aksara ngalagena | hasil akhir |
cidra |
ca ᮎ da ᮓ |
ᮎᮤᮓᮢ |
praja |
pa ᮕ ja ᮏ |
ᮕᮢᮏ |
tibra |
ta ᮒ ba ᮘ |
ᮒᮤᮘᮢ |
pramuka |
pa ᮕ ma ᮙ ka ᮊ |
ᮕᮢᮙᮥᮊ |
D. ANGKA
1 = |᮱| |
2 = |᮲| |
3 = |᮳| |
4 = |᮴| |
5 = |᮵| |
6 = |᮶| |
7 = |᮷| |
8 = |᮸| |
9 = |᮹| |
0 = |᮰| |